Kumpulan Lagu Sunda


1.      Kirapedes
Burangrang sarakan tanah pusaka
Cilamaya jadi ciri tabiri
Ngagurat ngawates 2 nagri
Subang Purwakarta

Endah  asri sarakan nu kapiati
Gunung geulis Cipanas ngajadi saksi
Nagawe rancage sauyunan babareungan
Didinya Kiarapedes
Cumarita nyandang tugas gandang
Wibawa karta raharja
Ngawangun pikeun Purwakarta

Didinya Kiarapedes
Sukjarela ngabdi kanagara
Wibawa karta raharja
Digjaya Purawakarta


2.      Sabilulungan

Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sifat silih rojong
Sabilulungan genteng ulah potong
Sabilulungan persatuan tembong

Tohaga, rohaka
tegus tanggoh pembawa sabilulungan
Sadia, sajiwa
Sengut singkil ngabasmi pasalingsingan

3.      Sapu nyere pegat simpai

Ririungan urang karumpul
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
bakal mapohokeun katineung urang

Sapu nyerepegat simpai
bakal kasorang takdir
ti Gusti Hyang Widi
pasti kalakon
Urang rek papisah
urang rek pajauh
meumpeung deu keut
hayu rang sosonoan
4.      Panon hideng
Panon hideng
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung

Putri saha dimana bumina
Abdi resep ka anjeuna
Siang weungi kaimpi- impi
Hate abdi sararedih

Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut kanu geuils
Panon hideng

5.      Lemah cai
Lemah cai kuring
Nagri endah asri
Sugguh cacah jiwa
Bahan lubak libuk

Simkuring tresna miwah nyaah
Lemah cai Indonesia
Kuring suka kluring betah
Indonesia gemah ripah
6.      Karatagan pahlawan
Teu honcewang sumurewang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksadna can laksana

Berjuang keur lemah cai
Lari rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Rido keur korban merdeka

7.      Burangrang
Burangrang sarakan tanah pusaka
Cilamaya jadi ciri tipihari
Ngagurat ngawates du nagri
Subang  Purwakarta

Endah  asri sarakan nu kapiati
Gunung geulis Cipanas ngajadi saksi
Nagawe rancage sauyunan babareungan
Didinya Kiarapedes
Cumarita nyandang tugas gandang
Wibawa karta raharja
Ngawangun pikeun Purwakarta


8.      Bubuy bulan
Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe,unggal poe
Unggal poe oge hade
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung
unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana


9.      Maskumambang
Itu kusir bangun umbak ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecut tarik
Teu aya pisan ras rasan

Teu ngarasakeun bong kana sato laip
10.  Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nungarangket kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui salah deui
Sato ge kita sarua

11.  Laut kidul
laut kidul kabeh katinggali
Ngebat paul kawas dina gambar
Ari ret kaleubah kaler batawi ngarungkunuk
Laut namah teu katingali
Ukur lebah lebahna
Semu- semu biru
Ari ret kalebah wetan
Gunung gede kawas nu ngajakan balik
Meh bae kapiuhan


12.  Hibur layung
Panon poe rek pamitan
Layungna beureum jeung koneng
Hurung nngemur semu ruhay
Matak resep nu ningali

Bangunna warna warni
Siga sato siga manuk
Sawareh sisiakan
Jeung paul paselang seling
Siga ombak lautan sagara emas

13.  Kinanti
Saweh kalah murungkut
Kawantu meujeuhna tiris
Tapi nugeus biasamah
Ngorejat teurus ka cai
Siuen kaberangan solat
Pancen ti gusti yang widi

Subuh- subuh rea mahluk
Nu ngarasa bungah ati
Lain bae sipat jalma
Sato hewan kitu deui
Manuk ricit dina tangkal
Hayam kongkorongok tarik





12.  Kembang Ros
Kembang ros kumatak lucu
Nya alus rupa nya seungit
Heunteu aya papadana
Ratuning kembang sajati
Papaes ti patamanan
Seungit mani ngadalingding

14.  Asmarandana
Manggih  hakaneun saeutik
Dibikeun ka anak heula
Kajeun manehna mah engke
Sieun anak kalaparan
Eta di sato hewan

Jalma mah leuwih ti kitu
Nyaah asihna ka anak
Mun anak dipareung geuring
Kurang sare kurang dahar

Jaba tatamba ka doktor
Henteu ngitung karugian
Asal anak waluya
Ti keur leuutik terus – terusan
Nepi ka anak sawawa

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Macam – Macam Ideologi yang berkembang di Dunia

Pengertian lingkungan hidup