Kumpulan Lagu Sunda
1. Kirapedes Burangrang sarakan tanah pusaka Cilamaya jadi ciri tabiri Ngagurat ngawates 2 nagri Subang Purwakarta Endah asri sarakan nu kapiati Gunung geulis Cipanas ngajadi saksi Nagawe rancage sauyunan babareungan Didinya Kiarapedes Cumarita nyandang tugas gandang Wibawa karta raharja Ngawangun pikeun Purwakarta Didinya Kiarapedes Sukjarela ngabdi kanagara Wibawa karta raharja Digjaya Purawakarta 2. Sabilulungan Sabilulungan dasar gotong royong Sabilulungan sifat silih rojong Sabilulungan genteng ulah potong Sabilulungan persatuan tembong Tohaga, rohaka tegus tanggoh pembawa sabilulungan Sadia, sajiwa Sengut singkil ngabasmi pasalingsingan 3. Sapu nyere pegat simpai Ririungan urang karumpul meumpeung deukeut hayu rang sosonoan Macangkrama bari ngawadul urang silih tempas silih eledan Moal lila jeung babaturan hiji wanci anu geus ditangtukeun Bakal pisah bakal pajauh bakal mapohokeun katineung urang Sapu nyerepegat simpai bakal kasorang takdir